Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 44 >> 

1(44-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur golongan Korah. Lagu atikan. (44-2) Nun Allah, abdi-abdi nguping pribadi perkawis eta, anu dicariosan ku karuhun; hal karya-karya Gusti anu rongkah jaman aranjeunna, jaman baheula.

2(44-3) Kumaha peta Gusti ngusiran bangsa-bangsa tuna Allah, sareng merenahkeun umat Gusti di nagri-nagri maranehna; kumaha peta Gusti ngahukum bangsa-bangsa sanes sareng ngajembarkeun umat Gusti.

3(44-4) Karuhun abdi-abdi tiasa ngarebut tanah musuh, sanes ku pedangna sorangan. Unggulna sanes ku kakuatan sorangan, nanging ku kakawasaan sareng kadigjayaan Gusti, ku margi Gusti nyarengan ka aranjeunna, tawis yen Gusti asih ka aranjeunna.

4(44-5) Gusti teh raja abdi sareng Allah abdi, nu maparin kaunggulan ka umat Gusti.

5(44-6) Ku kakawasaan Gusti abdi tiasa ngarubuhkeun musuh, ku margi disarengan ku Gusti abdi-abdi tiasa ngidek-ngidek lawan.

6(44-7) Pikeun nyalametkeun diri abdi teu ngandelkeun gondewa sareng pedang sorangan;

7(44-8) nya Gusti nu ngajait abdi-abdi ti musuh, anu ngelehkeun pihak anu arijideun ka abdi-abdi.

8(44-9) Abdi sadaya moal petot-petot muji sareng ngucap sukur ka Gusti sapapaosna.

9(44-10) Nanging ayeuna abdi-abdi dipiceun, disina eleh, Gusti henteu kersa nyarengan deui ka wadyabalad,

10(44-11) dugi ka abdi-abdi undur kabur ti musuh, babandaan dicokotan ku maranehna.

11(44-12) Abdi-abdi ku Gusti diantep sina dijagal sapertos domba, disina paburencay ka nagara deungeun.

12(44-13) Umat ku anjeun ku Gusti dijual murah, sapertos barang kurang pangaji.

13(44-14) Tatangga anu naringal abdi-abdi ku Gusti didamel kitu; maroyok sareng nyaleungseurikeun.

14(44-15) Abdi-abdi ku Gusti didamel bahan gogonjakan bangsa-bangsa, maranehna garogodeg ngahina.

15(44-16) Unggal-unggal dinten abdi dihina; kacida erana

16(44-17) nguping pamoyok sareng panghina ti nu ngamusuh sareng mikangewa.

17(44-18) Ieu sadayana anu karandapan ku abdi-abdi, padahal abdi-abdi teu hilap ka Gusti, sareng teu ingkar tina perjangjian antawis Gusti sareng abdi-abdi.

18(44-19) Abdi-abdi teu kantos hianat ka Gusti, teu kantos mengpar tina timbalan Gusti.

19(44-20) Nanging abdi-abdi ku Gusti dikantun teu aya daya di tengah sato-sato galak, dikantun di nu poek mongkleng.

20(44-21) Upami leres abdi-abdi henteu nyembah deui ka Allah pribadi nanging ngadoa ka nu sanesna,

21(44-22) tangtos ku Gusti kauninga, da Gusti mah awas kana pikiran abdi-abdi najan buni.

22(44-23) Nya ku karana Gusti, abdi-abdi kaancam pati saban-saban wanci, dipidamel sapertos domba peunciteun.

23(44-24) Nun PANGERAN, enggal tanghi! Ku naon kulem? Enggal sumping, ulah tega kateterasan!

24(44-25) Ku naon nyumput ti abdi sadaya? Ulah lali kana kabalangsakan sareng karupek abdi-abdi!

25(44-26) Abdi-abdi ambrug ajur dina taneuh, kasoran ngajaloprak dina lebu.

26(44-27) Enggal sumping, tulungan abdi sadaya, salametkeun, demi satia asih Gusti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 44 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel