Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 55 >> 

1(55-1) Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Lagu atikan karangan Daud. (55-2) Nun Allah, dangukeun paneda abdi, panyambat abdi ulah dipungkuran.

2(55-3) Mugi perhatoskeun, paparin waleran, abdi teu kiat deui nandang kabingung.

3(55-4) Abdi gugup ku ancaman musuh, sieun ku panggencetna anu jarahat. Sakitu nyaresahkeunana ka abdi, arijideun, arambekeun.

4(55-5) Abdi teh sieun, gigis gimir ku ancaman ajal.

5(55-6) Abdi dugi ka ngeleper ngadegdeg, sieun taya papadana.

6(55-7) Dugi ka hayang jangjangan sapertos japati, bade hiber neangan tempat nu aman.

7(55-8) Bade hiber masing tebih, teras cicing di gurun keusik.

8(55-9) Moal talangke deui neangan tempat nyalindung, nyingkiran topan jeung hujan angin.

9(55-10) Nun PANGERAN, pasaliakeun paguneman musuh-musuh abdi. Di kota katingal aya rurusuh sareng kakerasan,

10(55-11) siang wengi ngurilingan kota. Kota pinuh ku kajahatan jeung kasusahan.

11(55-12) Di mana-mana ruksak, jalan-jalan pinuh ku tukang ngagencet jeung tukang nipu.

12(55-13) Saleuheung lamun anu ngahina teh musuh, kaula kuat nangankeun saleuheung lamun anu nyombong ka kaula teh lawan, kaula bisa nyingkir, nyumput ti manehna.

13(55-14) Ieu mah nu kitu teh anjeun pisan, batur sorangan, batur rerentetan, sobat dalit;

14(55-15) batur nyarita nu geus kacida lomana, anu tuman babarengan ngabakti di Bait PANGERAN.

15(55-16) Muga-muga musuh-musuh teh paraeh ngadadak, sing dikubur hirup-hirup, sabab di imahna jeung dina hatena ngukut kajahatan.

16(55-17) Ari kaula mah nyambat ka Allah, tangtu ku PANGERAN dijait.

17(55-18) Isuk-isuk, sore, peuting, panyambat jeung rumahuh kaula hanjat ka Mantenna soara kaula tangtu didangukeun.

18(55-19) Kaula tangtu disalametkeun ti musuh anu narajang, anu ngambreg sakitu lobana.

19(55-20) Allah anu nyepeng parentah ti jaman langgeng, baris nulungan kaula ngelehkeun musuh, sabab maranehna arembungeun tobat jeung teu sarieuneun ku Mantenna.

20(55-21) Eta nu tadina batur kaula teh malik nyerang babaturanana, ingkar tina jangji-jangjina.

21(55-22) Ucap-ucapanana memang sareh, tapi hatena pinuh ku kangewa; omonganana laleucir ibarat minyak, tapi seukeut matak raheut kawas pedang.

22(55-23) Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.

23(55-24) Nanging nun Allah, memeh eta nu sok maraehan sareng naripu nepi ka tengah umurna, ku Gusti bakal digebruskeun ka jero kuburanana. Dupi abdi mah percaya ka Gusti.



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 55 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel