Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 39 >> 

1Meh sawaktu jeung eta, Raja Babul, Merodak Baladan putra Baladan, ngadangu warta yen Raja Hiskia geus sae tina teu damangna, tuluy kikintunan dibarengan ku surat.

2Utusanana ku Hiskia ditampi, malah dicandak ningalian dunyabranana, emas, perak, bahan seuseungitan kitu deui sagala kaperluan tentarana. Kamar-kamar tempat rajabrana, kitu deui nu aya di tempat-tempat sejen di karajaanana, kabeh ditembongkeun teu aya anu kaliwat.

3Ti dinya sumping Nabi Yesaya ka Raja Hiskia, mariksakeun, "Eta jalmi-jalmi ti mana sareng naon sanggemna ka Sang Raja?" Waler Hiskia, "Ti nu tebih, ti nagri Babul."

4"Dicandak ningalian naon di karaton?" saur Yesaya. Waler Hiskia, "Sagala rupi bae. Kamar-kamar dunyabrana sadayana ditembongkeun, teu aya anu kalangkung."

5Saur Yesaya, "Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa,

6engke dina hiji waktos sagala rupi anu aya di karaton Raja, sagala rupi anu kenging ngempelkeun karuhun Raja dugi ka wangkid ieu, bakal diakut ka Babul, moal aya anu kantun.

7Putra Sang Raja ku anjeun oge sapalih bakal diboyong dijadikeun gandek karaton raja Babul."

8Eta kasauran kitu kahartoseun ku Raja Hiskia, yen anjeunna mah sapanjang hirupna bakal santosa. Ku sabab eta walerna, "Eta timbalan PANGERAN anu disaurkeun ku Bapa, sae maksadna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 39 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel