Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 11 >> 

1Kudu kitu, turutan sim kuring, saperti sim kuring nurutan tuladan Kristus.

2Nuhun aranjeun aringet ka sim kuring sarta tigin kana pangajaran sim kuring.

3Tapi aya keneh anu aranjeun perlu terang, nya eta: Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.

4Dina kumpulan ibadah, lalaki anu sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah make tutup sirah, eta ngahina ka Kristus.

5Sabalikna awewe dina kumpulan ibadah, lamun sembahyang atawa ngumumkeun amanat Allah henteu make tutup sirah, eta ngahina ka salaki, taya bedana ti awewe anu digundulan.

6Sabab lamun awewe henteu daek make tiung leuwih hade ngagunting buukna. Tapi awewe mah kapan hina lamun sirahna dicukur atawa buukna digunting teh, anu matak kudu make tiung.

7Lalaki teu perlu make tutup sirah, sabab lalaki teh gambar Allah katut kaagungana-Na. Ari awewe gambar kamulyaan lalaki,

8sabab lain lalaki anu dijadikeun ti awewe, tapi awewe anu dijadikeun ti lalaki.

9Lalaki dijadikeunana lain pikeun awewe, tapi awewe anu dijadikeunana pikeun lalaki.

10Ku sabab kitu awewe kudu make tiung sirah, pikeun nyirikeun aya dina bawahan kakawasaan salakina, jeung tanda mandang ka para malaikat.

11Tapi sanajan kitu ge pikeun urang mah anu hirup di Gusti, awewe henteu lesot ti lalaki, lalaki henteu lesot ti awewe.

12Sabab sanajan awewe dijadikeun ti lalaki, tapi lalaki oge dijurukeun ku awewe, sarta pang aya saniskara teh Allah anu ngajadikeunana.

13Pek ku aranjeun rarasakeun, naha pantes dina pakumpulan, awewe sembahyang ka Allah teu make tiung sirah?

14Alam sorangan netelakeun yen buuk panjang pikeun lalaki mah teu pantes.

15Sabalikna pikeun awewe mah malah jadi kaendahan. Buukna nu panjang teh kapan pikeun nutup sirahna.

16Upama aya anu ngabantah kana hal ieu, jawabanana kieu: Urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta.

17Dina hal anu rek ditetek ayeuna, aranjeun lain pujieun. Aranjeun ari karumpulan, ti batan jadi hade malah jadi goreng.

18Aya anu bebeja ka sim kuring. Kahiji, aranjeun dina kumpulan teh papecah jadi sababaraha gumplukan anu pakia-kia. Sim kuring percaya ieu beja aya benerna.

19Teu sak deui aranjeun teh geus papecah, nepi ka engke katembong saha-saha anu bener.

20Waktu aranjeun kumpul bareng, eta anu didalahar ku aranjeun teh saenyana lain Jamuan Gusti.

21Da dina waktu dahar teh aranjeun paheula-heula nyokotan keur diri sorangan, nepi ka nu sawareh angger lapar, sawareh deui nepi ka marabok kaseubeuhan.

22Ku naon henteu dalahar heula di imah, kawas teu baroga imah bae? Rek ngarendahkeun jamaah Allah? Atawa rek ngera-ngera anu mariskin? Eta kalakuan aranjeun kudu kumaha disebutna ku sim kuring? Pujieun ari kitu? Boro-boro!

23Sabab kieu conto ti Gusti anu katampa ku sim kuring mah: Gusti Yesus dina peutingan dihianat, nyandak roti hiji,

24sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina terus disemplekan dibagikeun, sarta ngalahir kieu, "Ieu teh daging Kami, tampanan pikeun maraneh. Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami."

25Kitu keneh sanggeusna tuang, Anjeunna nyandak lumur anggur, sarta ngalahir kieu, "Ieu anggur perjangjian Allah anu anyar, anu dikukuhkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum ieu, maksudna pikeun nginget-nginget Kami."

26Jadi saban aranjeun dahar roti ieu jeung nginum anggur ieu, tanda aranjeun ngamashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.

27Ku sabab kitu, anu dahar roti ti Gusti jeung nginum anggur ti Gusti ku cara anu teu pantes, eta jelema teh dosa kana salira jeung getih Gusti.

28Jadi anu rek milu kana eta perjamuan kudu mariksa heula dirina, kakara meunang dahar eta roti jeung nginum eta anggur.

29Sabab milu dahar eta roti jeung nginum eta anggur tapi henteu ngarasa yen eta teh salira jeung getih Gusti, sarua jeung nangtang hukuman ti Allah.

30Eta sababna pang aranjeun loba anu kurang sehat, garering malah aya anu maraot.

31Lamun mariksa diri heula masing-masing mah ku Allah moal dihukum.

32Tapi sanajan kitu ge Allah mah ngahukum teh maksad-Na ngadidik, supaya urang ulah kabaud ku hukuman anu bakal keuna ka ieu dunya.

33Ku sabab kitu dulur-dulur, dina Perjamuan Gusti teh urang kudu silih dagoan.

34Ari sieun kaburu lapar mah dahar bae heula di imah, supaya dina Perjamuan ulah matak meunang hukuman ti Allah. Sakitu heula. Sual-sual sejenna engke bae diterangkeunana ari sim kuring ka dieu.



 <<  1 Korintus 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel