Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 24 >> 

1PANGERAN bakal ngaruksak ieu bumi, rek dikosongkeun. Bumi rek diputer balik, pangeusina sina paburisat.

2Jalma-jalmana — imam-imam, awam, badega, dunungan, tukang ngajual, nu mareuli, nu boga hutang, nu ngahutangkeun, nu beunghar, nu miskin — kabeh bakal sarua nasibna.

3Bumi bakal pasiksak burak-barik. Kitu PANGERAN timbalana-Na, nya kitu pijadieunana.

4Bumi bakal garing, alum, sajagat bakal leuseuh, bumi nguyung, langit nguyung.

5Jalma-jalma geus ngarurujit ieu bumi ku ngarempak hukum-hukum Allah, jeung alingkar tina perjangjian Mantenna anu langgeng.

6Nu matak Allah teh ngaragragkeun panyapa ka bumi. Jalma-jalma kudu nebus sagala dosana, beuki lila jelema teh beuki saeutik.

7Pelak anggurna aralum, anggur jadi langka. Jalma-jalma nu asalna sarenang, ayeuna jadi prihatin.

8Lalaguanana anu sok dikacapikeun geus tara kadenge deui.

9Nu ngarinum anggur geus teu jeung hahaleuangan, da ari ngarinum taya nu ngarasa ngeunahna.

10Nagri jadi kusut. Jalma-jalma ngarerem maneh, nyarumput di imahna masing-masing.

11Jalma-jalma di jalan tinggarero lantaran geus taya anggur. Kabagjaan geus indit ti dinya, leungit salalawasna.

12Nagri jadi suwung, panto-pantona geus ngagaloler raruksak.

13Kitu pijadieunana ka saban bangsa di dunya, lir tangkal jetun anu geus rugul, buahna geus beak diala, lir anggur kari areuyna, buahna mah geus beak dipetikan.

14Jalma-jalma anu saralamet bakal ngarawih gumbira. Ceuk jalma-jalma anu di kulon estu agung PANGERAN.

15Anu caricing di wetan bakal maruji ka Mantenna. Anu caricing di sapanjang basisir bakal maruji ka PANGERAN Allah Israil.

16Ti dunya bagian-bagian nu pangjauhna kadenge anu maruji ka Israil, bangsa anu bener jeung ibadah. Tapi ari kaula mah geus teu boga harepan, hate sangsara. Tukang hianat teu eureun-eureun ngahianat, beuki lila beuki banget.

17Darengekeun ku sarerea ieu omongan kaula! Aranjeun keur didago-dago ku rasa kasieun, ku liang jero, jeung ku pitapak.

18Sakur nu kabur nyingkahan kasieun bakal beunang ku liang jero. Anu luput tina liang jero, bakal beunang ku pitapak. Langit bakal bedah, hujan gede ngucur terus ti langit, dasar-dasar bumi aringgeung.

19Bumi bakal rengat, seug muruhpuy, terus beulah.

20Bumi galuang-galeong kawas jalma mabok, ruag-rieg kawas saung katebak ku angin gede. Jagat ngarempeyek beurateun ku dosa-dosana, tuluy ngedeprek moal cengkat-cengkat deui.

21Dina mangsa eta pangawasa-pangawasa nu di angkasa jeung raja-raja anu di bumi ku PANGERAN bakal dihukum.

22Raja-raja teh bakal dikumpulkeun ku Allah kana hiji liang gede, dijieun sakitan, dipanjara di dinya ngadago mangsa hukumanana.

23Bulan beuki poek, panonpoe henteu ngempray, sabab PANGERAN Nu Maha Kawasa anu bakal jadi raja. Mantenna bakal marentah di Yerusalem, calikna di Gunung Sion, bakal tembong kamulyaana-Na ka sakabeh pamingpin bangsa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel