Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 18 >> 

1(18:1-2) Bildad: "Ayub! Kuring mah heran, bet anjeun anu keur kitu make teu bisa repeh. Cik eureun ngomong teh, dengekeun batur.

2(18:1)

3Na dikira batur teh bodo kawas kebo?

4Geuning eta kalah ka ripuh da ambek-ambekan bae. Naha kitu keur kapentingan anjeun jagat kudu runtag, gunung kudu urug?

5Cahaya jalma jahat mah bakal dipareuman terus, moal diseungeut deui, moal dihurungkeun deui,

6lampu di jero kemahna baris disina poek.

7Ngalengkahna memang teteg, tapi terus titajong, bluk bae labuh jadi korban polahna sorangan.

8Leumpang nyampeurkeun jiret, sukuna kasarimped

9keuneungna kajepit ku tataheunan teu bisaeun deui incah.

10Dina taneuh lebah nu buni aya jiret, dina jajalaneunana aya nu masangan pitapak.

11Balai ngintip sakurilingna, nutur-nutur lengkahna.

12Urut beunghar jadi kalaparan, mana dikikintil ku balai.

13Awak digulung ku kasakit anu mateni, nepi ka leungeun jeung sukuna buruk.

14Seug ditongtak ti imah tempat senangna, disered ka hareupeun Malakalmaot.

15Ari imahna diandih batur, saha bae nu daekeun, kitu ge sanggeus disemprotan heula ku walirang, dibasmi heula kuman-kumanna.

16Mun tangkal mah akarna paeh, dahanna gararing.

17Ulah boro ku anu jauh, ku nu di imahna ge geus tara disebut-sebut, geus tara diinget-inget.

18Geus dibuang ti dunyana nu harirup, disuntrungkeun ti nu caang ka nu poek.

19Heug teu boga anak, euweuh keur nuluykeun turunan.

20Sakur anu ngadarenge nasibna, ti wetan nepi ka kulon ukur bati kukurayeun, sieun ngalaman nu kawas kitu.

21Kitu bagianana jalma doraka mah. Jalma anu teu ngandel ka Allah mah kabeh oge kitu wawalesna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel